Peuting ieu bulan nyorot pinuh kanyaah, nojos kana embun embunan haneut karasanage, caang bulan teh sanajan lain bagian, lain waktuna nembongan, lain oge pananggalan, kersaning gusti eta bulan nyantong dina langit, ah mereunan eta bulan keur galau.
lengkah suku meueusan di cimpeulkeun ngahaja nutur nutur kalangkah anu bedegong teu hade di tanya, ah keun waege !
lamunan kausep ku sepi na angin, aya warung sangu khas sunda, aya warung padang aya warung tegal, di jerona pinuh ku mangrupa -rupa kadaharan, ledot biwir asa lada ku sambeul cibiuk Gusti nu Agung , bakat lapar.
Ayeuna neupi kana pengkolan, tiiseun pisan ieu paleumburan naha jam sabaraha?
Maraot sugan jelema teh?
Korejat hate nga gibeug aya nu ngajorelat kahareupeun, saha eta?
seng bau menyan, bau japaro, bau haseup pabrik, bau sate padang , bau rendang saha eta?
kasorot bulan mencrang, di pengkolan aya mahluk, ieung mahluk naon eta?
Pakeana bodas di pulas taneuh beureum, buuk ngarumbay ceurik ngabangigik siga nu kanyeurian !
Sampeurkeun ulah?
Saturday, December 29, 2012
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
0 comments:
Post a Comment
Mohon tinggalkan jejak